” gera ngiceup kang! hehe…”  Mimah noél kuring bari kitu pokna, ger baé babaturan nu kaparengan keur ngumpul sareuri,  atuh kuring kacida reuwasna sajaba ti éta gegedéna mah kuring téh éra kapanggih keur merhatikeun wanoja nu tampil di panggung pasamoan. Kaparengan harita téh keur aya acara milangkala warga Jawa Barat di Mesir. Manéhna jadi juara Musabaqah Syarhil Quran. Geulis lahir bathin, éstu betah ningalina, langka pisan manggih nu siga kieu, kayungyun, sajaba ti pinter téh, ahli Quran bari jeung déwasa. Alus maké, teu siga  lumrahna ABeGe nu ditiung tapi teu nutup orat, ieu mah buni, rapih tur nyantri.

Nya moal munapék, sigana kuring resep ka éta wanoja, cenah mah urang Jakarta, tapi teu loba dongéng kabatur, sanajan kuring wawuh ka Mimah, batur saimahna, nyaéta atuh alatan érana naker. Jeung deui teu matak ngeunah lamun babaturan arapaleun kuring resep ka hiji wanoja téh, malah kadang jadi ibur saMasisir, alatan kitu kuring jangji kadiri moal rék comél maké jeung ngabéja-béja ieu rusiah.

Kadieunakeun rada remen kuring tepung jeung manéhna, malum baé mahasiswa nu sakola di Mesir rata-rata berangkat kuliah kana beus, jadi upama kuring mangkat kuliah  pareng manéhna kuliah ogé sok bareng ari ka kuliah, sanajan ari kampusna mah misah, kabéneran kuring mah di Darrasah, ari manéhna mah di kota Robi’ah Adawiyyah, nya apanan di Al-Azhar mah teu dihijikeun kuliah banin (lalaki) jeung banat (awéwé) téh. Tapi sanajan kitu tempona mangkat kuliah mah sajalur alatan jalan ka Darrasah téh ngaliwatan Rabi’ah Adawiyyah lamun inditna ti Hayy ‘Asyir nu jadi gudang mahasiswa Asia, kaparengan mahasiswa Indonesia mah loba pisan nu cicing di daerah Hayy ‘ Asyir.

Sakali mangsa kuring naék beus rék mangkat kuliah, can jauh beus maju, kapelong aya wanoja nu megat beus, rék kuliah ogé sigana. Ah teu antaparah langsung waé kuring muka kantong bari ngaluarkeun buku, niat rék maca dina beus. Kabeneran rada jauh ka kuliah téh, jadi mun dipaké maca tangtu bakal beres sababaraha judul diktat. Teu kungsi lila éta wanoja nu tadi naék téh kapélong rada deukeut, teu sadar éta wanoja ngarérét kabelah katuhu, ana gebeg téh kuring ngadadak ratug, horéng nu tadi naék téh wanoja nu salila ieu jadi buah pikiran, kembang lamunan kuring. Ngadadak teu puguh rampa, kuring buru-buru ngasupkeun buku kana kantong bari langsung ngadeg terus nawaran diuk ka manéhna. Ilaharna  kitu ari di Mesir mah, dimana-mana mobil kaayaanana pinuh biasana sok leuwih ngutamakeun awéwé nu diuk téh. Kaharti pisan alatan nu pasedek-sedek téh lolobana lalaki. Kuring pindah ka belah tukang, malum éra ari deukeut jeung nu dipikaresep sanajan manéhna mah teu nembongkeun rasa nanaon sabab teu apaleun ka kuring meureun. Biasa sok ambon sorangan, hehe.

Sajajalan kuring teu rék maca buku waé, teu pararuguh, ngadon terus istighfar, hawana hayang melong terus, sedengkeun kuring apal éta téh teu halal. Alah kudu tungkul meureun, teu anggeus kukitu, der waé meureum-meureumkeun panon bari gigideug.

Harita kuring nempo manéha turun dihareupeun kampus kuliah banat, nyaéta bakat kupanasaran beut hayang waé maling rérét teu beunang kudiélingan. Sabot kitu kuring maca deui buku bari haté mah malaweung, “ieu kitu nu kiwari disebut cinta téh, pohara pisan bedasna, nepi ka teu pararuguh pikiran lamun nempo nu dipikaresep téh…” kitu kereteg hate.

***

Satepina di kampus kuring diuk dina bangku panghareupna, sumanget pisan diajar téh poé ieu mah, kabeneran jadwalna DR. ‘Imad Abdul Quds, dosen mata kuliah Hadits. Harita, duktur (sebutan dosen) ngajelaskeun hadits ngeunaan Ikhtiyar Jauzah Ash-Shalihan, derekdek baé anjeuna ngaderes hadits anu kieu pokna

“Tunkahu-al-mar ah li arba’in, li maalihaa, wa li hasabihaa, wa li jamaalihaa, wa li diinihaa, fadfar bidzati-d-diin taribat yadaak”
Hadits ieu ngajelaskeun sababna awéwé dipihalal téh aya opat, lantaran hartana, atawa kamulyaanna, ogé lantaran rupa jeung agamana, nu leuwih di piharep mah lantaran agamana. Tangtu mangpaat pisan ieu pangajaran téh, sabab sakanyaho kuring ayeuna mah teu pati nimbang-nimbang masalah agama, nu penting alus rupa, rebo harta komo bari dipapaésan ku alusna turunan. Atuh darapon kitu, kuring bener-bener diélingan ku wasilah ieu hadits.

Adzan Ashar nu dibarengan ku panas poé, ngeunahna nyuruput ‘Asyir  Manggo (jus buah) komo bari terus niis di emper masjid Al-Azhar nu masih aya dikomplek kampus. Teu cukup kukitu, sabada beres berjamaah sholat Ashar kuring ngajingjing kantong bari ngagendeng Iwan, babaturan urang Bandung nu kaparengan papanggih di Masjid, manéhna mah sajaba ti istiqomah berjamaah téh, rajin kuliah bari getol talaqqi (pangajian di masjid Al-Azhar) kebeneran manéhna cicing di apartemén gigireun masjid Al-Azhar. Bari ngobrol sono manéhna ngajakan kuring milu talaqqi Kitab Fathul Bari, nu ngawulangna Syaikh Yusri Rusdy, atuh pohara pisan bungahna diajak ngaji ku babatutan.

Sok tiis haté ari ngariung dimajlis kieu téh, dilingkung ku Ulama, kitu gening di Mesir mah, nu sumanget ngaji téh lain ukur barudak ngora dalah Syaikh Usama Sayyid ogé milu ngaderes, padahal anjeuna téh pan salah sahiji guru di masjid Al-Azhar ogé, tapi teu gengsi ngahiji jeung muridna diajar Fathul Baari ka Syaikh Yusri, kataji pisan ku katawadluanna.

Kaselang ku berjamaah Maghrib jeung Isya, pangajian beres jam dalapan peuting. Atuh kuring buru-buru pamit ka Iwan. “mondok dirorompok waé atuh Zam! Hawatos, tos wengi kieu bilih teu mendak mobil ka ‘Asyir” Iwan ngajak kuring ka imahna.  “Haturnuhun Kang Iwan, Kaleresan abdi teu ngabantun buku kanggo enjing, manawi sanés waktos tiasa amengan, supados sayogi lauk sareng gambari (udang)..”  kitu tembal kuring bari guyon. “ah, Nizam biasana ogé sok nambul hayakil (tulang), hehe…”  tembalna bari ngaheureuyan. Kuring langsung pamit “haha, muhun atuh kang, abdi badé teras mios waé kabujeng wengi pisan, mangga, Assalamu’alaikum” Pokna  “muhun wilujeng Zam, Ma’as Salamah, wa Alaikumsalam wa rahmatullah wa barakatuh”.

***

“Assalamu’alaikum, Hayy ‘Asyir shoh?”1

saméméh indit, kuring nanya heula ka supir.

Supir ngajawab “mSmmalam wa Brakath, Aiwa ya habibi, itlaa faoo, ihna hanamsyi ‘ala tuul…” 2

Kuring harita kénéh naék beus. Barang rét kana korsi kosong gebeg kuring ngarenjag, nu kapelong harita téh wanoja nu biasa ngahias ati, kuring éra parada, pék baé milih korsi nu anggang bari nyingkur. Nepi ka daérah Nadi Sikkah éta wanoja nyampeurkeun ka kuring bari nanya,

 “misi mas, antum tau bis dari sini yang ke City star (ngaran supermarket)?” 

Bari bingung kuring nunjukeun jalan

“nanti saja mbak, naik mobilnya dari awal Makram. Tapi, maaf! Kalo boleh tau ada apa malam-malam begini mau ke city star?”

Pok manéhna ngajelaskeun ” saya baru datang dari Indonesia, mau beli keperluan rumah”

Kuring nyelok deui

 “mmmmh, apa gak sebaiknya besok saja, lagian ini sudah agak larut!”.

“saya sama empat teman saya kok mas, oiya makasi ya mas”.

Sajajalan kuring bingung mikiran manéhna, sakanyaho kuring éta Wanoja téh teu  wanter siga kitu, ieu mah nanya-nyanya ka kuring siga nu geus wawuh bari teu katempo  ragab. Sabot nepi ka awal Makram kuring ngabejaan manéhna sangkan turun.

Di imah kuring masih kénéh teu percaya, gening manéhna téh wanter kitu. Sanajan teu jadi ngéwa tapi kuring teu pati resep ningali awéwé nu teu ngajaga batas ka lawan jinis, komo deui ieu di Mesir.

Isukna kaparengan ditepungkeun deui dina Beus, kuring kacida pisan reuwasna, alatan harita manéhna maké pakéan nu teu payus keur ukuran mahasiswa Al-Azhar. Pakéan nu ngan ukur mungkus awak bari jeung teu nutupan orat, nya kitu téa ari tiung mah dipaké tapi bajuna rock n roll ceuk barudak ayeuna mah, marerecet éstu nyitak bentuk awak. Harita korsi nu kosong tinggal gigireun kuring, atuh teu bisa milih kapaksa manéhna diuk digigireun kuring.

Manéhna muka catur “mas Nizam ya?”

ia…” tembal kuring

Ceuk manéhna ” wah rajin kuliah yaaa, he… tingkat berapa mas?”

Kuring ngajawab “alhamdulillah, saya tingkat akhir mbak. Mana teman mbak? Kemarin berangkatnya bareng kan!”

” Panggil Dina aja mas, saya kan masih junior, oiya saya berangkat sendiri mas, beda jalur, saya harus ke Ramsis dulu” bari mesem Dina ngajawab.

Kuring panasaran ” Loh bukannya mau kuliah?”

Ngalér ngidul ngobrol jeung manéhna

 “Ia, saya kan kuliah di Giza University, jadi harus naik metro dulu”

” oooh saya kira di Al-Azhar, tapi antum kok tau nama saya”

” Semalam saya liat mas di TV, ternyata Qari mas Nizam ini ya! Hehe…”

” ia, Kebetulan ada pengajaian di masjid Sulthan Hasan”  témbal kuring

” Oiya mas boleh minta no hapenya nggak?”

” Boleh, silakan catat!”

Ngarasa teu betah kuring turun di Nurul khitob, maksud rék pindah mobil. “Saya turun disini, duluan ya!”

” Silakan mas, hati-hati mas”

Peutingna kuring keur ngariung nyangu poé jeng babaturan, kareungeu ngirining sora HP,  sabada diangkat gening nu nelepon téh neng Dina. Kuring béak digonyak ku babaturan sabab narima telepon ti awéwé bari jeung henteu sakeudeung. Leuwih tikitu manéhna jadi wani nelepon ampir unggal peuting, ngarasa teu ngeunah kuring neangan cara sangkan bisa ngajaga hijab jeung manéhna. Rét kana HP inget ka Mimah, batur saimahna, atuh langsung kuring nelepon Mimah bari nyaritakeun nu kaalaman.

Kuring nelepon Mimah

“Mah, akang téh kadieunakeun asa beuki tugenah”

“Na kunaon kitu kang?”

“Sababara waktu katukang akang sering narima telepon ti manéhna, akang rek wakca ka Mimah sangkan ditepikeun ka manéhna. Baheula mah akang téh kungsi resep basa munggaran nempo manéhna jadi juara MSQ, ari ayeuna meni teu nyangka manéhna luas nelepon lalaki nu lain muhrim…”

” Ke… kang, Mimah teu apal saha nu diobrolkeun ku akang téh?”

” Éta nu juara MSQ téa!”

” oooh,”

” cenah manéhna téh hafidzah tapi gening teu bisa ngajaga hijab, asa kaget akang mah”

“Piraku kang ah? Ti iraha kitu akang kenal Manéhna?”

Kuring nyaritakeun sajéntréna yén saminggu katukang kuring panggih jeung manéhna nu rék indit ka City star, ngaduakalian panggih dina beus bari ménta no HP kuring, kadieunakeun manéhna téh neleponan kuring waé bari jeung teu puguh ngobrolkeun naon. Kuring mah ngarasa ragab béda jeung manéhna nu kapelong wanter ka kuring, padahal kuring lain sasahana.

“Ah, piraku kang, tétéh mah kamana-mana ogé bareng waé jeng Mimah!”

“Eh, piraku teu percaya ka akang, akang apal pisan ka manéhna, apan tiheula akang resep ka manéhna, piraku poho ari Mimah”

“Ooooh, paling ogé dulur kembaranna kang, kaparengan anyar ka Mesir  éta mah, ngan kuliahna teu di Azhar. Dina meureun. Ari nu saapartemén jeung Mimah mah pan téh  Dini, nu kamari juara MSQ!” Mimah ngajelaskeun bari ngobrol, kareungeu logat Cianjur.

Gebeg téh kuring teu puguh rarampaan, euleuh gening manéhna téh kembar, paingan mirip pisan. Kuring buru-buru nutup telepon bari sasadu ménta hampura ka Mimah jeung ka manéhna anu geus disangka nu lain-lain. Handeueul pisan, hanas disebutkeun kuring resep ka manéhna ariteun gening lain éta nu kukuring dipikaresep mah. Matak ulah asal nuduh saacan bener-bener jelas mah, kudu aya klarifikasi bahasa kiwari mah.

____________________________________________________________

  1. Terjemahan tina basa Mesir : “Assalamu’alaikum, ieu jurusan Hayy “asyir?”
  2. “Wa ‘alaikumsalam wa rahmatullah wa barakaatuh, enya jang, hayu naék, urang langsung indit”